Rangkuman Eusi Buku Kasambet
NGARANGKUM EUSI BUKU BASA SUNDA[1]
Ku: Siti Syarah Ulfa[2]
1.
Judul
Buku: Kasambet
2.
Nu
Ngarang: Ahmad Bakri
3.
Tahun
terbit: 2017 (Citakan ka 2)
4.
Nu
Nerbit: Kiblat
5.
Jumlah
Halaman: 68 Halaman
6.
Eusi:
1)
Biografi
Nu Ngarang
Ahmad Bakri (Rancah, Ciamis 11 Mei
1917—Ciamis, 18 Juli 1988). Kaasup pangarang sunda produktif, tapi deuih kungsi
meunang jujuluk pangarang favorit, dumasar kana hasil angket majalah Mangle
dina tahun 80-an.
Anjeuna pernah sakola Ra’yat 3 taun,
diteruskeun ka Schakel School (sakola sambungan) di Ciamis. Kungsi masantren di
Genteng jeung di Sadewa. Taun 1937, keuseus montir di Bandung. Tuluy gawe di
PTT, tepi ka jaman Jepang.
Satutasna pengakuan kedaulatan (taun
1949), Ahmad Bakri sapiriumpi pindah ka Bandung, lantaran di lemburna teu aman
balukar gangguan gorombolan. Kungsi ngajar di SD Cicadas (1952), tuluy milu
persamaan SGB, ditema deui ku KGA, anu sabada tamat diteruskeun ka B-1 Basa
Sunda. Saenggeus ngantingan diploma B-1, Ahmad Bakri ditempatkeun jadi guru SPG
Ciamis, nepika pangsiunna (1973). Ti dinya terus diangkat jadi Kepala SPG
Muhammadiyah Ciamis, tapi kalah menta diturunkeun deui jadi wakil Kepala, sabab
haying aya waktu anu laluasa pikeun ngarang.
Karya-karya Ahmad Bakri anu geus
medal mangrupa buku di antarana Payung Butut, Rajapati di Pananjung,
Sanghiang Lutung Kasarung, Srangege Surup Manten, Sudagar Batik, Mayit dina
Dahan Jengkol, Jurutulis Malingping, Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, Ki
Merebot, Dina Kalangkang Panjara, Dukun Lepus, Kabandang ku Kuda Lumping, jeung
Mapag Perang Bharata.
2)
Kasambet
Nyaritakeun Toto, Oji, Oteng, sareng
Jang Udin anu tas maen bal, aranggeusanna teh tengah poe ereng-erengan. Toto
ngarasa lapar, tapi kusabab hanaang ngajak ngojay ka Leuwi Dulang. Barang nepi
leuwi, babaturan sejen mah niiskeun heula kesang, Toto mah langsung gejebur
wae. Ngarah rame, barudak ngayakeun ucing cai, Toto nu jadi ucingna.
Nu teuleum nu ngojay nyingkiran nu
jadi ucing sieun ditepaan. Tapi boro-boro ngudag, Toto teh kalah ka hanjat bari
bangun anu lunges kabina-bina. Ges diuk ngalungsar dina batu gede anu demprak.
Barang disamperkeun ku rerencanganana usil kanu jadi ucingna, Toto ngaborolo
Utah, rarayna pias, seseut kadugaeun dicalana oge, toto ditaruyun ku
rerencangannana dijajapkeun uih. Untung aya Mang Eri tas ti kebon, barudak
ngagareroan menta tulungan Toto ka Mang Eri. Di akod wae Toto teh ku Mang Eri.
Sasumpingna dibumi Toto, biangna
Toto (Aceuk Uti) geuwat moro Toto tina Akodan Mang Eri, der Toto teh
digolerkeun, disimbutan ku samping kebat. Mang Eri nyangki na Toto teh kasambet
kusabab ngojay di Leuwi tengah poe ereng-erengan. Mang Eri nyarankeun ka
biangna Toto yen Toto teh kedah dilandong ka Abah Alaksan purah nu numbal
kasumbat-kasambet. Mang Eri angkat nyauran Abah Alaksan. Biangna Toto sareng
rerencangannana maturan Toto dibumi Toto.Tatanggi jul-jol ngalalongok, hempak
ditengah imah awewe-lalaki.
Abah Alaksan nyarita ka Biangna yen
Toto teh waruga na aya dihareupeun, tapi lelembutanana kabendon ku Nyai Endang
Waringsang (Putri Siluman), Putri Cikal Saghiang Jagatmalang nu kagungan Jamban
Larangan Leuwi Dulang, kusabab ngojay dina wanci anjeuna siram. Toto teh teu
bisa ditulungan iwal ti ditebus ku embe kendit jeung hayam camani.
Barang jol bapana Jang Udin ngalongok
(Mas Ulis), Mahdadi (Tatanggi Toto) nyaritakeun pisababeun Toto gering. Mas
Ulis ngalarang Biangna Toto nebus nu teu pararuguh, tuluy miwarang Mahdadi
nyauran Mantri Suhadi kanggo ngalandongan Toto. Isukna Toto geus kaduga deui ka
sakola.
3) Budak Yatim
Nyaritakeun Toto, Oji, sareng Ekom
anu murak cengcelengan lebaran kanggo nulungan mangmeserkeun baju Lebaran
kanggo Emen anu leutik keneh tos janten anak yatim. Sabab emut papatah ti Pa
Ustad yen kudu nyaah ka anak yatim.
Barudak karunyaeun ka Emen. Barudak
lalumpatan mulih nyarandak hasil cengcelenganana kecuali Ekom da teu gaduheun
cengcelengan, jadi Ekom mah bade masihan lauk sagede tampah wae hiji ngala dina
kulah manehna.
Emana Jang Udin nepi ka cipanonan,
awahing ku atoh jeung panuju. Sirah Jang Udin diusapan kusabab bangga kanu jadi
budak daek nulungan jalma prihatin. Emana Jang Udin nyarankeun Emen diajak ka
pasar balanja baju Lebaran ka pasar ka barudak Toto sarerea ngambeh Emen na
atoheun.
4)
Lebaran
Nyaritakeun Toto, Oji, Oyib, jeung
Ekom anu jarangjian bade ngadarulag bari takbiran di masigit maleman Lebaran.
Oji mah ngadamel panakol bedung siangna supados ngadulagna wareg da ngandelkeun
panakol bedug nu aya dimasigit hungkul mah sok parebut.
Wanci maghrib saatos buka puasa,
barudak durder dararatang ka masigit tarakbiran, aya nu ngadulag, aya nu
mantuan ngangkutan tumpeng, lolobana mah nu harereuy. Tepi ka salare na. dur
subuh teh barudak diharudagkeun ku merebot, barudak tingkorejat, tingkuliat,
tingrariceng, Leos baralik rek ngadon mandi jeung disalin, paginding-ginding
sumping ka masigit bade ngalaksanakeun naetepan sunat. Si Emen wangun kacida
gumbirana.
Reres solat sunat, reres hutbah,
sarerea sarasalaman silih hampura ngalubarkeun dosa. Uihna Toto jeung
babaturanana lalumpatan paheula-heula ka imah muru nyungkem kana lahunan emana,
neda hampura jeung piduana.
5)
Mulan
Nyaritakeun Atun anu teu tiasa ngiringan ameng dihandapeun caangna
bulan anu moncorong, caangna munggah ngempray kusabab hariwang kanu jadi indung
nuju teu damang.
6)
Jalir
Nyaritakeun Oji anu dijarauhan ku babaturanana kusabab jalir jangji
ka Mi’an anu bade mayar sametan wengina tilas nyandak langlayangan, palias
nepika tilu poe, wanci dimana Mi’an nagih malah maseaan. Kitu deui oge anu
dialaman ku Emod, Emod mah dianjukan muncang gundu, majarkeun dek ku Oji
dibeuli, palias dugi ka ayeuna can mayar. Ka Omo oge sarua, Oji teh nganjuk
surabi jeung pisang goreng, usum ngaduitan, Oji malah ngaleos.
Barudak teh haneeul ka Oji, maksadna ngajarauhan teh mere
pangajaran ka Oji yen kalakuan sapertos kitu teh tos tuman teuing.
7)
Si
Oji Ragrag
Nyaritakeun Ujang, Aleh, Oteng,
Emod, Mi’an jeung Omo bade ngala suluh ka bubulak di Candihiang, tapi ereun
heula kusabab nulungan Oji nu ragrag tina tangkal gandaria bade maok gandaria
nu Mang Adma. Meskipun Oji teh teu pikaresepeun, barudak teh tetep wae
nulungan, sabab emut kana papatah Pa Ustad yen urang teh kudu nulung kanu
sangsara.
Mang Adma datang ngabantuan jajap
Oji kabumina kusabab raheut dina pingpingna baloboran getih, nepika ngabaseuhan
tonggongna Mang Adma nu ngakod. Sajajalan mang Adma mapatahan, lamun haying
gandaria mah kantun wawartos ka Mang Adma da moal teu dipasihan. Barudak
ditawaran gandaria ku Mang Adma, tuluy barudak teh naluturkeun ka imahna. Mang
Adma miwarang Atun ngajak barudak ngala ka kebon. Tas ti kebon, barudak
ngaloloco gandaria. Reres ngaloloco, bring deui indit barudak teh ngala suluh.
8)
Nu
Jajaluk
Nyaritakeun Emana Ujang anu nyarita
ka Ujang yen jajaluk anu ngarana Ki Utay teh baheulana jalma beunghar, tapi
kusabab doraka ka kolot jeung beuki maen jeung ngaronggeng, harta banda na beak
tepika maotna bapana Ki Utay teh. Samaotna bapana the lainna insaf, malah beuki
maceuh kadorakaanna teh. Indungna dijongjolongkeun kanu hawu tepika getihan
sirahna.
Tapi meskipun Ki Utay teh jalma
katulah, Emana Ujang mapatahan ujang tong hanjakal mere sidekah, alus nulungan
nu susah. Tuluy Emana Ujang teh miwarang Ujang masihkeun tuangeun kanggo Ki
Utay nu posisina ker di Pasar.
Ki Utay sukuran aya nu masihan,
naros ka Ujang mani bageur tos ngirim, Ujang nembal “Apan putra Ema…, Putra
Abah deuih.”
Aki Utay ngahuleng ngajongjongan, panonna carinakdak.
9)
Si
Asdi Diculik
Nyaritakeun Asdi Alo na Mang Wiranta
anu tikamari can uih wae ngala suluh. Toto, Iwan, Enceng, Oman, Uju jeung Oyib
nu bade milarian angkrek ka Gunung Pataka katitipan pami aya Asdi piwarang uih.
Barudak Toto nyangkina Asdi teh
diculik ku Mang Madsim kaluaran Nusakambangan anu ngadon ngahuma di Gunung
Pataka. Barudak ngatur strategi keur neang Asdi, lamun aya nanaon nyorakeun
sora gagak.
Barudak pabalencar tilu jalur
duaan-duaan, aya salahsaurang ekspedisina nyorakeun sora gagak, lalumpatan
nyalamperkeun, barudak teh nenjo aya getih dina kuburan, barudak nyangka etateh
si Asdi anu dibunuh ku Madsim tuluy dikubur. Barang dikoreh teh, aripek hulu
munding.
Barudak ganjang baralik kusabab
beuki beurang, paur aya maung. Barudak baralik lewat Cihaurgeulis milarian bumi
Mang Wiranta, naroskeun Asdi tos kapendak teu acanna, aripek tos nyampak keur
dahar harepeun hawu.
10) Ma Awit Gering
Nyaritakeun Emana Ujang miwarang
ujang nyauran Ma Awit kanggo nutu beas maksadna bade ngadambel sangu beunyeur,
Ma Awit na nuju teu damang kusabab sampeanana bareuh katinggang halu basa nutu
di Nyi Uni. Ma Awit pikarunyaeun sosoranganan teu damang the teu diriung-riung
acan, singhoreng teh Ma Awit mah teu gaduheun dulur. Ma Awit anu nuju teu
damang the dianteuran tuangeun ku Ujang.
[1] Tugas
Mandiri Mata Kuliah Budaya Sunda Semester Ganjil Tahun Akademik 2018/2019.
[2]
Mahasiswi Kelas KPI 5 D, Jurusan Komunikasi dan Penyiaran Islam, Fakultas
Dakwah dan Komunikasi, Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati
Bandung. E-mail: sitisyarahulfa@gmail.com
Komentar
Posting Komentar